-->
  • ETIKA BIANTARA (Qaulan Karima / Ucapan anu Mulya)

    Oleh: H. Yoyo Sugianto
    Penggiat da'wah dan DKM NURUL HUDA
    Di sagigireun “qaulan sadida” anu kungsi dipedar sawatara katukang, dina pedaranan ieu urang guar etika biantara nu sejena numutkeun al-Quran anu dicontokeun ku kangjeng Rasul Muhammad saw, nyaeta “qaulan Karima”.

    “Qaulan karima”, ucapan mulya mangrupa salah sahiji asas atawa nilai etika anu kudu diterapkeun dina komunikasi jeung nu lian, hususna biantara. Ucapan anu dianggap mulya lain saukur lemes basana, tapi dibarengan ku rengkuh nunjukeun rasa hormat kanu diajak nyarita, jauhan ucapan anu matak nyentug kana hate komo deui matak nyungkelit. Ku kaluhungan Kangjeng Rasul, sakur jalma anu nyarita sareng anjeuna, manehna ngarasa yen dirina anu pang dimulyakeun ku Kangjeng Rasul. Rasa anu saperti kitu tangtuna oge didasaran ku cariaosan rasul anu mulya, jauh tina ucapan kasar atawa nganyerikeun kanu diajak cumarios ku anjeun-Na.

    Ucapan anu mulya mangrupa salah sahiji perkara anu diparentahkeun ku allah swt, hususna dimana nyarita jeung indung bapa urang. Ucapan mulya minangka wujud bakti nu jadi anak kanu jadi kolotna, di sagigireun kudu patuh jeung taat kana parentahna satungtung teu nyimpang tina ajaran Quran jeung sunah Kangjeng Rasul SAW, ngarawat dina kaayan geus sepuh, mikanyaah, tawadu, jeung ngadoakeun. Loba ayat al-Quran anu marentahkeun “birru walidain”, babakti kanu jadi kolot, sallah sahijina, dina surat al-Isra:23,

    وَقَضَىٰ رَبُّكَ أَلَّا تَعْبُدُوٓا۟ إِلَّآ إِيَّاهُ وَبِالْوٰلِدَيْنِ إِحْسٰنًا ۚ إِمَّا يَبْلُغَنَّ عِندَكَ الْكِبَرَ أَحَدُهُمَآ أَوْ كِلَاهُمَا فَلَا تَقُل لَّهُمَآ أُفٍّ وَلَا تَنْهَرْهُمَا وَقُل لَّهُمَا قَوْلًا كَرِيمًا

    Jeung pangeran anjeun geus marentahkeun sangkan anjeun henteu nyembah salain ka manten-Na sarta bakti ka indung bapak anjeun sahade-hadena. Lamun salah saurang atawa duanana dina kaayaan sepuh diurus ku anjeun, mangka ulah sakali-kali ngucapkeun kecap “ah” ka maranehna, ulah ngabentak, tapi ucapkeun ucapan anu mulya. Al-Isra:23.

    Numutkeun Ibnu Katsir, “qaulan karima” teh mangrupa ucapan anu hormat, sopan, lemes anu kudu dipake lamun urang nyarita jeung nu jadi kolot. Sanajan kitu, taya salahna lamun ucapan mulya digunakeun pikeun nyarita jeung saha bae anu ku urang dianggap kolot atawa jalma anu ngabogaan wibawa, pangkat, jabatan, atawa anu dipihormat ku masyarakat sanajan umurna sahandapeun urang. Malah dina biantara mah, balarea anu jadi sasaran teh bisa barudak, dewasa, kolot, atawa campuran. Ucapan anu mulya hade lamun dipake ka sagala tingkatan umur sangkan maranehna ngarasa dihargaan. Di kalangan “jurnalistik”, ucapan anu dianggap mulya teh lain ngan ukur santun, lemes, heunteu jorok atawa jorang, tapi oge teu ngahudang rasa pikasebeleun, pikaboseneun, pikainggiseun, jeung sadis. Sagigireun ti eta, mulyana ucapan teu sawates dina kecap, tapi dibarengan ku rengkuh, lentong, jeung marahmayna pasemon luyu jeung eta kecap pikeun ngebrehkeun eusi hate anu pangjerona, lain ngan saukur dina biwir. Kapan teu saeutik anu nyarita hade saukur pupulasan teu dibarengan ku hate sabenerna, ngan saukur hayang nyenangkeun batur. Ucapan mulya anu teu dibarengan ku hate sok beda karasana kubalarea. Lamun teu panuju kana sikep, ucap, pamadegan, atawa laku lampah balarea tangtu kudu ditepikeun ku cara anu hade, teu togmol nolak sanajan ngan saukur ucapan “ah”. Komo deui lamun dibarengan ku nyentak mah, tangtu bakal nganyerikeun hatena, tapi ucapkeun ucapan anu mulya, nyaeta ucapan anu lemes, santun, hormat, kalayan dibarengan sikep anu rengkuh.

    Pikeun urang anu geus ngarandapan ngurus nu jadi kolot dina kaayaan geus sepuh tangtu ma’lum. Teu saeutik, anu dina kaayaan geus sepuh sok malik ka budak, boh pikiranana, sikep, jeung laku lampahna. Malah sok dibarengan ku belikan, babari kasinggung, jeung teu payaan. Bisa jadi laku lampah urang keur budak leuwih ti kitu kanu jadi kolot teh. Paingan gusti Allah SWT ngajanjikeun surga pikeun jalma anu daek ngurus anu jadi kolotna dina kaayaan geus sepuh dibarengan ku kasabaran jeung kaihlasan tangtuna oge. Lamun urang teu miboga elmu agama anu manjing, ganjaran anu sakitu gedena bisa lapur, malah nambahan dosa. Dina ayat di luhur, gusti Allah swt ngelingan sangkan urang ngajauhan ucapan anu matak pikanyerieun, sanajan ngan saukur ngucapkeun “ah” pikeun nembrakeun sikep teu panuju, komo lamun dibarengan ku ucapan kasar atawa ngabentak. Pangorbanan kolot kanu jadi anak moal kabayar ku harta sanajan lobana saluas alam dunya. Kacida rugina, lamun urang teu bisa ngabales pangorbanan nu jadi kolot, utamana di waktu anjeuna kaayaan geus sepuh, sakumaha dawuhan Kangjeng Nabi saw, “Rugi, rugi kacida, rugi kacida, salah saurang jalma anu boga kasempetan ngurus salah saurang atawa dua kolotna dina kaayaan geus sepuh, tapi teu bisa ngasupkeun dirina ka sorga” (HR Muslim).

    Conto kutipan biantara dihandap ieu duanana ngagunakeun basa hormat.

    1. Para wargi hadirin anu dipihormat, sae pisan eta sajak anu tadi diaoskeun ku pangersa Ibu Fulan, kantenan saupami kecap babanding “sari konde” sanes sareng kecap “cadar”, kitu deui kecap “kidung” sanes sareng “adzan”, margi “cadar” sareng “adzan”, mangrupi syareat Islam anu kalintang mulyana. Teu aya ucapan anu sabanding mulyana sareng firman gusti Allah, kalebet sari konde sareng kidung.
    2. Para wargi anu dipihormat, sajak anu tadi diaoskeun ku pangersa Ibu Fulan, teu pantes diaoskeun margi eusina jelas-jelas ngahina umat Islam. Ibu, mugi enggal tobat, kalayan nyuhunkeun pangampura ka balarea.


    Sanajan sarua make ragam basa hormat, tapi conto anu kahiji karasana leuwih mulya batan anu kadua, komo lamun dibarengan ku rengkuh jeung pasamon anu marahmay. Dina conto anu kadua aya nilai rasa anu kabalerkeun, nyaeta ngaremehkeun ka jalmana jeung kana sajakna di hareupeun balarea. Sanajan ucap, laku lampah Si Fulan ceuk urang goreng, urang teu kudu ngabales ku kagorengan deui, tapi diajak pikeun leuwih faham kana syareat Islam. Conto anu kadua teu nutup kamungkinan bakal ngabalukarkeun bantahan, make jurus sarebu alesan pikeun ngabela diri ngabenerkeun eta perkara, boh ti diri Si Fulan, atawa ti jalma anu sapamadegan jeung manehna. Balukarna, urang jadi riweuh nguruskeun eta perkara, nguras waktu jeung pikiran, padahal masih loba perkara umat anu butuh perhatian. Wallohualam.
  • You might also like

    No comments:

    Post a Comment