-->
  • Etika Biantara ( Qaulan Sadida / Ucapan anu Bener )


    Oleh: H. Yoyo Sugianto
    Penggiat da'wah dan DKM NURUL HUDA
    Etika biantara mangrupa kumpulan asas atawa nilai-nilai ngeunaan ahlak dina biantara. Kaweruh ngeunaan etika biantara nu diajarkeun di sakola-sakola atawa tempat-tempat kursus biasana sok nyomotan ti bangsa deungeun. Teu salah, ngan ulah mopohokeun kana kayakinan urang, utamana umat Islam anu didadasaran ku al-Quran jeung sunah kangjeng Rasul SAW sangkan biantara urang ngabogaan nilai ibadah ka Allah swt.

    Ari sumberna kaweruh teu sawates maca, tapi bisa oge ngaliwatan guru nu mibanda kaahlian di widangna. Sawatara ka tukang geus dipedar yen kaweruh anu kacida pentingna nyaeta ngeunaan pasualan nu rek dibiantarakeun, basa anu rek dipake alat nepikeun, jeung tingkah paripolah balarea nu bakal jadi sasaran biantara. Kaweruh ngeunaan tilu perkara eta bisa diteangan dina buku citakan atawa elektronik, guguru ka ahlina, atawa nyonto batur anu boga kamampuan dina widangna. Neangan conto mah teu kudu jauh-jauh, tempo bae anu deukeut, naha kulawarga, dulur, tatangga, kokolot lembur, atawa kiyai nu sok ngawurukan. Sanajan kitu, conto anu apdol mah teu aya deui lian ti kangjeng Rasul SAW. Sakumaha dawuhan Gusti Allah swt,

    لَقَدْ كَانَ لَكُمْ فِي رَسُولِ اللَّهِ أُسْوَةٌ حَسَنَةٌ لِمَنْ كَانَ يَرْجُو اللَّهَ وَالْيَوْمَ الْآخِرَ وَذَكَرَ اللَّهَ كَثِيرًا

    Saestuna parantos aya dina diri rasulullah conto anu hade pikeun aranjeun, nyaeta pikeun jalma-jalma anu miharep rahmat Allah jeung kadatangan poe kiamah jeung nu loba dzikir 
    (QS al-Ahzab, 33:21)

    Lamun urang nitenan hadits, nyaeta cariosan, lampah, sareng pangantep-Na dina perkara anu dipilampah ku para sahabat anjeun-Na, kacida lobana anu bisa diterapkeun dina ucap jeung laku lampah urang dina nyorang kahirupan, hususna dina biantara. Ahlak rasul nyaeta al-Quran, hartina naon anu dipilampah ku manten-Na luyu jeung tuntunan Allah swt. Alhasil, lamun urang rek nerapkeun etika biantara nu luyu jeung aturan Allah jeung rasul-Na, mangka turutan ahlak baginda kangjeng rasul Muhammad saw. Diantara etika biantara eta nyaeta: qaulan sadida, qaulan karima, qaulan ma’rufa, qaulan baligha, qaulan layina, jeung qaulan maysura. Sangkan leuwih eces, ti ayeuna urang guar hiji-hiji mimiti tina “qaulan sadida”.

    “Qaulan sadida” ucapan anu bener mangrupa salah sahiji sifat anu dipimilik ku kangjeng rasul saw. Lain saukur bener dina ucapan, tapi bener dina kalakuan, hartinya ucap jeung lampah teh payus, teu tojai’ah. Cariosan kangjeng Rasul pasti benerna, sabab cariosan anjeun-Na wahyu ti Allah swt. Wajib hukumna, sakur jalma anu ngaku iman ka Allah jeung rasul-Na nyarita benar luyu jeung Quran sarta hadits. Lamun ngabejakeun informasi nu kadenge, katenjo, atawa karasa, kudu sarua jeung kanyataannana teu dikurangan teu dileuwihanan. Kitu deui lamun urang nyomot informasi tina “medsos” kudu ati-ati, sabab henteu kabeh anu diwawarkeun dina media pasti benerna. Teu saeutik anu biantara nyapirakeun kana ieu perkara anu balukarna bisa jadi mamala.

    Nanjeurkeun bebeneran lain pagawean enteng, komo hareupeun panguasa anu dolim. Sanajan kitu bebeneran mah kudu ditepikeun najan pait karasana. Kacida gorengna lamun urang manut kana kahayang panguasa anu teu bener, malah ditambahan ayat-ayat pikeun nguatkeun tujuan maranehna ku cara mengparkeun harti jeung maksud eta ayat tina hakekatna, atawa nyampuradukeun perkara anu hak jeung anu batil padahal urang faham pisan kana eta perkara. Lampah sarupa kitu tangtu bakal menang bebendon ti Allah swt. Nyarita bener “qaulan sadida” mangrupa salah sahiji asas atawa nilai tina etika pikeun sakabeh jalma dina enggoning miara komunikasi jeung sasama, kaasup biantara. Kaedah ieu luyu sareng dawuhan Allah swt,

    ... فَلْيَتَّقُوا اللَّهَ وَلْيَقُولُوا قَوْلًا سَدِيدًا

    ku sabab kitu, maranehna kudu taqwa ka Allah jeung ucapkeun ucapan anu bener 
    (QS an-Nisa, 4:9).

    Dumasar kana eta ayat, mutlak hukumna, nyaritakeun perkara kalayan bener, jujur, sarua jeung kanyataan, teu bohong. Jauhan nyarita bohong, sanajan ngan saukur ngabojeg sangkan balarea sareuri. Kangjeng Rasul SAW nguningakeun, “Cilaka jalma anu nyarita, tuluy ngabohong sangkan jalma-jalma saleuseurian. Cilaka manehna, jeung cilaka manehna” (HR Abu Daud). Kiwari geus lumrah ngahias biantara ku perkara anu pikaseurieun, lamun teu kitu karasana garing cenah. Sawates nyarita bener teu ngabohong sarta teu ngakibatkeun seuri anu dipibendu ku Allah swt, nyaeta seuri anu kaleuleuwihan, insyaallah masih dihampura. Sabab ari ngaran kaleuleuwihan teh kurang hade sanajan perkara ibadah, contona kangjeng rasul kantos nyeuseul ka salah saurang sahabat anu solat terus-terusan jeung puasa unggal poe. Sanajan teu dipihukum haram, nyarita anu ngabalukarkeun balarea seuri babarakatakan ulah dijadikeun kabiasaan sabab teu luyu jeung tuntunan kangjeng Rasul saw, wallohua’lam.

    Dina biantara, sok aya jalma anu nyaritakeun perkara dina dongeng tapi dicaritakeun saolah-olah bener nimpa kadirina atawa kaalaman ku dirina sorangan. Maksudna taya lian sangkan balarea sareuri, contona, ”Waktu kencleng ngaliwat ka hareupeunana, manehna api-api peureum. Ti tukang aya budak noel bari mikeun duit saratus rebuan dua lambar. Teu loba omong, eta duit ku manehna diasupkeun kana kencleng. Sanggeus kencleng ngaliwat, manehna ngahuleng dibarengan rasa era, eleh ku budak satepak bisa ngeusian kencleng dua ratus rebu. Panasaran, manehna ngalieuk ka tukang nanya ka eta budak bari ngaharewos, “Boga duit ti mana maneh bisa ngeusian kencleng sakitu gedena?” Eta budak ngajawab, “Aeh, apan eta mah artos Bapa, tadi murag payuneun abdi.” Manehna ngarenjag bari olohok, kesang tiis karasa maseuhan sakujur awakna, ”Buseeet, sugan teh duit sia, hanas ku dewek diasupkeun kana kencleng...”

    Carita tadi kacida hadena pikeun nyindir jalma anu mumul kana sodaqoh, tapi kudu jelas naha eta caritaan teh bener nimpa kadirina atawa ngan saukur rekaan. Teu kudu era dina biantara nurutan carita batur asal kudu jujur ulah akon-akon.
  • You might also like

    No comments:

    Post a Comment