-->
  • Basa Salah Sahiji Wujud Budaya


    Oleh: H. Yoyo Sugianto
    Penggiat da'wah dan DKM NURUL HUDA

    Salah shiji wujud budaya anu dipimilik ku masyarakat nyaeta basa. Basa minangka salah sahiji wujud budaya anu kacida pentingna pikeun ngawangun komunikasi, ngedalkeun maksud jeung eusi hate kanu lian. Dina ngedalkeun eta, bisa make ujaran, tulisan, atawa isyarat anu kaharti ku dua beulah pihak.

    Kabiasaan komunikasi lain karek ayeuna, tapi geus jadi kabiasaan karuhun urang ratusan tahun katukang, malah ti jaman kanjeng Nabi Adam AS. Nalika Nabi Adam bade diangkat khalifah di alam dunya, para malaikat naros, “Naha henteu kuring para malikat anu jelas-jelas ahli ibadah, ahli dzikir, anu teu kendat-kendat muji anjeun?” Allah swt ngadawuh, “Kaula nyaho kana naon anu ku aranjeun teu dipikanyaho”. Saterasna Allah swt ngajarkeun ngaran rupaning barang ka kangjeng Nabi Adam AS, teras miwarang para malaikat nyebutkan ngaran barang-rang eta, tapi aranjeunna teu bisa nyebutkeun. Lajeng, Allah swt, miwarang kangjeng Nabi Adam AS ngabejakeun ngaran-ngaran barang anu parantos diajarkeun ku manten-Na pikeun ngabuktikeun yen manten-Na langkung terang ti batan makhlukna.

    ...Ù‚َالَ ÙŠَا آدَÙ…ُ Ø£َنبِئْÙ‡ُÙ… بِØ£َسْÙ…َائِÙ‡ِÙ…ْ

    “Hai Adam, bejakeun ka para malaikat ngaran-ngaran eta barang!”

    Sabada kangjeng Nabi Adam AS ngajarkeun ka para malaikat, Allah swt negeskeun deui yen manten-Na terang kana rahasia nu aya dilangit jeung di bumi boh anu nembrak kitu deui anu disumputkeun.
    Kajadian ieu nuduhkeun yen komunikasi geus aya ti jaman kangjeng nabi Adam diciptakeun, fungsina pikeun ngawangun hubungan jeung nu lian. Tangtu komunikasi ieu terus dipilampah ku kangjeung nabi Adam AS sareng istrina, Siti Hawa, para putrana, sareng katurunanana, tug dugi ka urang ayeuna, jeung saterusna.

    Kiwari basa anu dipake komunikasi kacida lobana, di Indonesia bae ceuk beja leuwih ti 700 basa daerah. Masing-masing daerah ngabogaan basa sewang-sewangan anu beda jeung daerah sejena. Sakumaha nu mineng dicaritakeun ku Kang Iman Soleh, seniman teater kota Bandung asal Ledeng, yen tiap-tiap daerah di Indonesia ngabogaan basa anu beda. Contona, lamun urang panggih jeung babaturan nu geus lawas teu amprok, urang Sunda sok ngucapkeun, “Kumaha damang?”, atawa “Sampurasun?”. Ceuk urang Jawa, “Piye kabare?”. Urang Betawi, ”Gimane kabarnye?” Urang Aceh, “Peu na haba?”. Urang Sumbar, “Ba a kabanyo?” Urang Bima NTB, “Bune haba?” Urang Sulawesi Selatan, “Aga karebo?”, jsb. Bedana ieu nuduhkeun yen maksud anu sarua bisa diwujudkeun ku ujaran anu beda-beda sakumaha kamufakatan masyarakatna anu ngagunakeun eta basa.

    Urang Jawa Barat, katelahna urang Sunda, sabab lolobana ngagunakeun basa Sunda pikeun komunikasi. Basa Sunda nu jadi kareueus urang Sunda, kiwari rada dihariwangkeun bakal sirna. Lamun ku urang dititenan, barudak urang ayeuna loba nu ngarasa asing kana basana. Teu saeutik barudak sakola di dayeuh geus teu ngarti kana basa Sunda, rajeun nyarita sok titatarajong, salah ngalarapkeun, nyarita jeung guru disaruakeun jeung ka babaturanana, malah lamun ditanya pelajaran naon anu pang susahna, teu saeutik nu ngajawab basa Sunda. Aya sababaraha nu jadi lantaran, diantarana, indung bapana teu ngajarkeun eta basa di kulawargana, ngarasa gengsi nyarita ku basa sorangan, atawa basa daerah indung bapana anu beda, jeung alesan-alesan sejena. Padahal, basa nuduhkeun budaya nu makena, tangtu basa nu diwariskeun ku karuhun urang beunghar ku ajaran-ajaran etika, akhlak anu luyu jeung quran oge sunah kangjeung rasul Muhammad saw.

    Kondisi saperti kitu ngagugah kuring pikeun diajar deui basa Sunda. Rumasa sorangan oge can tangtu bener, guru basa Sunda lain, pakar lain, budayawan lain. Ngan kabeneran indung bapa kuring sok nyarita ku basa Sunda, malah lamun aya masamoan sok dijurung-jurung kudu nyarita ngawakilan nu boga hajat, atawa sakadar jadi MC ”Master of Ceremony“. Saur Ki Lanceuk, Kang Asep Sugandi, seniman Sunda urang Ledeng, nu syair laguna kasohor Dina Amparan Sajadah, “Urang oge boga istilah “MC” teh nyaeta panatacanagara , ngan jarang anu make. Kusabab jarang dipake jadi asing dina cepil urang.” Sakabeh basa oge lamun jarang di pake mah tangtu poho deui. Meh teu poho deui, Bismillah, kuring rek diajar nulis ku basa Sunda. Ngarana diajar tangtu loba salahna, sugan aya nu malire milu ngalelempeng sangkan manfaat keur balarea.

    Kamotivasi ku Ki Dulur, Kang Tisna Sanjaya, seniman rupa, budayawan asal Ledeng anu geus ngalanglang buana ka manacanagara. Sakitu sibukna dina ngamajukeun kabudayaan, ngajar di paguron, jeung kagiatan kemasyarakatan sejenna, anjeuna masih ngaluangkeun waktuna pikeun mupuhuan DKM Nurul Huda, Ledeng. Kiwari, DKM Nurul Huda boga impian pikeun ngamajukeun masyarakat nyaeta “Budaya Ngaji jeung Ngaji Budaya”. Budaya ngaji, maksudna, aktivitas ngaji nu geus turun temurun dipigawe ku luluhur urang, di imah, di tajug, di masjid urang ramekeun deui sangkan barudak jeung katurunan urang ka hareup bener-bener barisa ngaji, paham quran jeung sunah kangjeng nabi, sarta jadi kabiasaan dina laku lampahna di alam dunya. Ngaji budaya, maksudna ngajadikeun wujud budaya (kasenian, basa, adat, artefak, jsb) pikeun alat ngaji ku cara bedah budaya, ngariksa, nitenan, nyuksruk, naha budaya anu dipimilik ku urang luyu jeung ajaran Quran jeung hadits, nyimpang, atawa kudu dilelempeng. Tulisan ieu insyaallah baris ngahias “konten” kajian budaya di DKM Nurul Huda dina wujud basa Sunda malah mandar aya manfaat keur balarea.

    Sugan diparengkeun ku Gusti nu Mahasuci, tulisan baris fokus kana diajar biantara ku basa Sunda. Bahasanana tangtu moal kaluar tina naon ari biantara, naon fungsina, kudu kumaha biantara teh, bagian-bagian biantara, jeung saterusna dihubungkeun jeung quran sunah nu jadi dasar kayakinan urang umat Islam, insyaallah.
  • You might also like

    No comments:

    Post a Comment