Oleh: H. Yoyo Sugianto
|
Penggiat da'wah dan DKM NURUL HUDA
|
Biantara nyaeta nyarita hareupeun jalma rea pikeun nepikeun pedaran mangrupa informasi, ngahibur, atawa ngajak balarea (massa) sangkan milampah pagawean anu dipiharep ku urang. Biantara biasa ditepikeun dina acara tepung tahun, paresmian, upacara, laporan, jsb. Kiwari biantara teu sawates kudu langsung amprok jeung balarea, tapi bisa ngaliwatan media komunikasi saperti radio, televisi, rekaman kaset/CD/VCD, jeung internet.
Tilu syarat atawa modal anu kudu dipibanda lamun urang hayang maher biantara, nyaeta kanyaho, kabisa, jeung kawani. Sanajan loba kanyaho cukup elmuna, lamun teu dibarengan ku kabisa jeung kawani can tangtu bisa biantara. Kitu deui, kabisa hasil latihan puluhan kali lamun teu dibarengan ku kanyaho jeung kawani hasilna moal maksimal. Komo deui lamun ngan boga modal kawani teu dibarengan kanyaho jeung kabisa, tangtuna oge bakal ngacapruk. Ibaratna maenbal, lamun saukur boga kawani, tangtuna oge sagala dirumpak, musuh ditemprang, diledot, leungeun milu maen, malah bisa jadi bal disepak ka gawang sorangan. Balukarna, kartu beureum, alias teu meunang maen deui, ku baturna oge bakal diantepkeun, malah kade cenah Si Eta mah ulah diajakan.
Kanyaho nyaeta elmu atawa kaweruh anu kudu kapibanda ku urang, boh ngeunaan jejer pedaran nu rek ditepikeun, kaedah atawa ugeran basa, kitu deui elmu “psikologi massa”. Kaweruh ngeunaan jejer pedaran mangrupa perkara anu paling utama sabab bakal jadi eusi dina biantara. Malah bakal leuwih afdol lamun kaweruh urang dina jejer pedaran ieu leuwih punjul batan balarea. Ulah keuna ku paribasa, “loba catur tanpa bukur,” hartina nyarita panjang lebar tapi euweuh eusina, taya pulunganeunana jeung picontoeunana. Perluna mibanda elmu kaedah basa sangkan dina biantara make basa anu hade tur benar teu ngarumpak aturan. Nu kaasup kana kaedah basa, diantarana tatabasa, undak usuk basa, pilihan kecap, harti kecap saujratna jeung harti injeuman, fonem atawa cara ngucapkeun huruf, lentong kalimah, jsb. Bukti pentingna kaedah basa, contona dina lentong kalimah di handap ieu:
- Juragan / eta anjing. (pembantu rek nunjukkeun ka dununganana yen anjing nu di teangan teh geus katembong).
- Juragan eta /anjing. (Nuduhkeun kanu lian yen kalakuan juragan nu aya hareupeunnana kawas anjing).
Dua kalimah diluhur siga sarua, tapi lamun diucapkeun ku lentong anu beda bisa ngakibatkeun beda harti.
Salain ti kaweruh ngeunaan jejer pedaran jeung kaedah basa, urang kudu nyaho elmu “psikologi massa”, nyaeta elmu ngeunaan tingkah paripolah balarea (massa) nu bakal disanghareupan. Perkara anu perlu dikanyahokeun diantarana: kumaha watekna, kumaha kondisi sosialna, kumaha kasang tukang pendidikanana, naon karesepna, sabaraha lobana, jst. Mangfaatna urang nyaho kana watek balarea, urang bakal leuwih ati-ati dina ucap, sikap, jeung laku lampah sangkan teu nyinggung maranehna. Nyaho kondisi sosial, bakal gampang nempatkeun diri urang sangkan maranehna ngarasa dihargaan ku kabeungharanana, ku katurunanana, ku kapangkatannana, jst. Kitu deui, lamun maranehna keur susah, meunang musibah, kudu nempatkeun diri urang sanasib jeung maranehna, sakurang-kurangna ulah nembongkeun rasa teu malire kana naon anu dirasakeun ku maranehna. Kasang tukang sakola nangtukeun tingkatan basa mana anu merenah digunakeun sangkan kaharti ku maranehna. Kitu deui, karesep maranehna tong dianggap cetek, komo lamun urang togmol nembrakeun kateupanujuan mah, tangtu maranehna kalabur. Sanajan karesep atawa kalakuan maranehna toja’iah jeung aturan agama, urang kudu ngajak ku cara hikmah, nyaeta nasehat nu hade, teges tapi bener, sopan, lemes, hormat teu matak nyungkelit, sok komo matak nganyerikeun hatena. Allah swt dina al- Quran Surat an-Nahl: 125 ngadawuh,
ادْعُ Ø¥ِÙ„َÙ‰ٰ سَبِيلِ رَبِّÙƒَ بِالْØِÙƒْÙ…َØ©ِ ÙˆَالْÙ…َÙˆْعِظَØ©ِ الْØَسَÙ†َØ©ِ ۖ
Ajak (manusa) kana jalan pangeran anjeun ku cara hikmah jeung pelajaran nu hade. (QS 16:125).
ÙˆَÙ„َا تُجَادِÙ„ُوا Ø£َÙ‡ْÙ„َ الْÙƒِتَابِ Ø¥ِÙ„َّا بِالَّتِÙŠ Ù‡ِÙŠَ Ø£َØْسَÙ†ُ Ø¥ِÙ„َّا الَّØ°ِينَ ظَÙ„َÙ…ُوا Ù…ِÙ†ْÙ‡ُÙ…ْ ۖ
Jeung anjeun ulah debat jeung Ahli Kitab, kajaba ku cara nu hade, kajaba jeung jalma-jalma dolim diantara maranehna. ( QS 29:46)
Kabisa atawa kamaher mangrupa modal biantara anu kacida pentingna. Kamaher dina biantara nyaeta kamampuan urang dina ngalarapkeun ugeran basa jeung taktik nepikeun biantara. Kamaher dina ugeran basa anu perlu dipibanda diantarana cara ngucapkeun fonem atawa “makhorijul huruf” lamun basa Arab. Dina ngucapkeun kecap eta kudu bener tur jelas, utamana kecap anu diserep tina basa deungeun. Ugeran sejenna nu kacida pentingna nyaeta lentong atawa lagu kalimah, naek turunna sora, tarik launa sora, cepet jeung ancadna ngedalkeun kalimah. Sok loba nu nyarita teu jelas kadengena lantaran teu bener ngucapkeunnana jeung sok diliwat sawareh boh kecap atawa engangna. Kamaher ieu teu cukup saukur nyaho elmuna tapi kudu dipraktekeun, dilatih terus sangkan henteu kaku. Salain kamaher dina ugeran basa, urang kudu boga kamaher dina taktik, tehnik biantara. Kumaha metakeun raga pikeun ngantebkeun maksud anu diucapkeun. Gerak leungeun, suku, panon, jeung paroman kudu sajalan jeung naon anu diucapkeum. Kudu kumaha lamun urang poho kana kecap, kalimah, atawa eusi biantara sangkan balarea teu apalaeun yen urang poho, kumaha carana ngaleungitkeun rasa gugup, kumaha sangkan sehat sajeronong biantara, jeung sabangsana. Kamaher dina kaedah basa jeung kamaher dina taktik biantara teu datang ujug-ujug, tapi kudu dilatih terus ulah bosen komo ngarasa geus mampuh.Tong boro urang anu karek diajar, sanajan anu geus maher oge maranehna teu eureun diajar.
Kawani atawa wawanen sakumaha geus dicaritakeun, yen kawani anu teu dibarengan ku kanyaho jeung kabisa tangtu bakal sabalang bentor. Biantara anu teu puguh entep seureuhna, teu puguh eusina, komo bari dibarengan ku nganyerikeun balarea tangtu bakal malik ka urang deui. Lamun dina maenbal meunang kanyeri alatan ditajong, disepak, ditemprang, dijongkjlokkeun batur, biasana kanyeri ngan sabatas raga, teu lila oge bakal cageur. Tapi lamun jalma meunang kanyeri ku ucap urang, karasana bisa saumur hirup, malah diwariskeun ka katurunan. Loba jalma anu sosobatan jadi pisah alatan salah ucap. Teu saeutik anu pegat silaturahmi jeung dulur akibat ucap nu matak nyungkelit. Akibat ucap nu salah bisa ngarugikeun balarea jeung dirina sorangan, pantes letah sok diibaratkeun pedang dua mencosna. Parentah ngajaga ucap atawa lisan tos didugikeun dina al-Quran, oge hadits kangjeung rasul saw. Salah sawiosna, nalika kangjeng nabi ditaros ku para sahabat, “Ya Rasul, saha muslim anu paling afdol?” Anjeuna ngawaler, “Jalma muslim anu salamet tina lisan jeung leungeunna”(HR Bukhori Muslim).
Kawani atawa wawanen bisa mucunghul sorangan lamun modal kanyaho jeung kabisa geus kapibanda ku urang. Disagigireun dua perkara eta, aya oge perkara sejena anu matak mangaruhan kana wawanen. Lamun balarea (massa) loba anu leuwih punjul batan urang, naha kaweruhna, umurna, atawa pangkatna, sok rajeun ngurangan wawanen. Komo lamun diantara balarea aya anu sok cempadan, salah saeutik oge sok diera-era di hareupeun balarea, wawanen teh sok rada murengked, malah nu teu payaan mah sok milih teu jadi tinimbang meunang kawirang. Ari perkara anu sok ngahudangkeun wawanen diantarana lamun urang geus biasa ilubiung dina acara anu ngalibatkeun jalma rea, sanajan ngan saukur jadi juru potret. Komo deui mun urang geus biasa nyanyi di panggung, nari, baca sajak, maen drama, atawa budak sakola nu sok mindeng meunang tugas upacara, tangtu modal wawanen geus kapimilik. Beda deui jeung jalma anu tara ilubiung, malah sok ngajauhan lamun aya raramean teh. Lain hartina jalma kitu moal bisa biantara, bisa jadi dina biantara mah leuwih hade batan nu tadi, lamun kawani jeung kabisa geus kapibanda.
Cindekna, modal biantara nu mangrupa kanyaho, kabisa, jeung kawani ceuk kuring mutlak kudu dipibanda ku sakur jalma anu hayang maher biantara. Masih aya modal sejenna nu perlu dipibanda sangkan biantara ngadatangkeun maslahat tur boga nilai ibadah. Insyaallah, urang guar dina pedaran anu bakal datang
No comments:
Post a Comment